Rabu, 24 Januari 2007
Poe iyeu naek beus mani istuning pisan… FULL DEDET!! Dencis mah eleh we lah! Hihihi… Tapi untungna meneran kenekna tangginas, bur-ber kahareup ka tukang neang jalan sangkan eta beus laluasa ngarayap di jalan (bener ngarayap! da muaceeeeeeeeeetttt pisan). Dasarna dipaparinan ku Nu Kawasa boga tampang innocent, dina beus nu sakitu dedetna, aya wae nu haat mere tempat hahahaha… Dan duduklah diriku dengan aman sentausa…
Sapanjang jalan si kenek ribut pahibut ngatur sewa jeung jajalaneun beus. “Miring mBak, miring Pak, ayo masuk lagi! masuk lagi!, masih kosong! masih kosong!” cenah bari nyurung2 sewa. Nempo sewa sakitu dedetna, disurung2 sangkan bisa leuwih dedet! Kurang ajar, sapi ge noker mun dikitukeun mah komo jelema! Nya ngarambek atuh, ngan teu warani ngomong, ukur camberetut daragang tutut :p
Teu sirikna unggal halteu ngasupkeun sewa! Nepi ka dedet na panto ampir mudal, untung sim aing (wups punten ah hehe… esmosi yeuh) diuk di deukeut panto, jadina bisa jadi sukarelawan metotan teteh2 jeung ibu2 nu keukeuh peuteukeuh (kade salah nya, lain keukeuh sumeukeuh! Nu bener mah KEUKEUH PEUTEUKEUH!! Bejaan tah ka nu sok harayang ngomong sunda bari jeung teu nyaho undak usukna asal ngeunaheun sorangan wae! Ngarusak pisan!) harayang naek bari jeung hararese oge. “Pegangan tangan saya aja ngga apa2 mBak…” ceuk sim aing asa jadi pahlawan hahahha…
Teu cukup ku kitu, unggal ngarasa jalan beusna kahalangan, si kenek langsung bertindak. Lumpat kahareup geus kawas polantas pisan. Trus, menta jalan ka beus nu lian sangkan mere jalan! Anehna, teuing ngomongna kumaha, beus2 nu lian marere jalan! Hebring euyy!!!! Salut lah! Two thumbs up!! Teu disangka2, si kenek the ningan urang sunda oge! Soalna pas di cabang jalan cawang atas si kenek teh ngomong kieu… “Kiri Bang, potong aja! Kosong! Bebeskeun we bebeskeun!” cenah. Ngadenge kitu, na jero hate kuring ngupat… “Bebeskeun we beungeut sia!” (wuaaahahahahaa…. Punten deui ahhh… leuwih esmosi!)…
Akhirna, sanggeus sajam di jalan, nepi oge ka Mampang. Na hate mikir… wahhhh sigana bakal jeblog yeuh, aya galian busway didaerah eta, da kamari hujan teu anggeus2 nepi ka peuting. Amit-amit taneuh beureum!!! Kawas geus ti sawah jeblogna!! Ngerakeun!! Padahal kantorna di gedung make karpet! Bisa2 dicarekan OB hese makumna hehehe… Ahhh… untung deui… si supir nurunkeunana saencan naek jembatan layang… Boa-boa ngadengeeun sim aing ngupat na hate nya??? :p
Alhamdulillah, dugi kalayan salamet… ok that’s all folks!
PS : Yang engga ngerti, bisa hubungi 911 hehehe…