Archive for the ‘HAYU NGAWANGKONG NYUNDA’ Category

KANG USEP NG(AB)OJEG

Monday, April 28th, 2008

Casting:

Kang Usep       => Kang Ibing

Inin-Inin            => Aming

Si Sarip            => Teuing saha, piguran tukang ojeg beneran

 

Kaitung saminggu Kang Usep nambangan ngojeg, sanggeus serangna kurang cai teu bisa dipelakan pare. Kakocapkeun harita, Kang Usep rebun-rebun keneh geus nangkring dina sadel motorna di parapatan alun-alun nungguan sewa. Bari ngobrol ngalor ngidul jeung baladna sarua tukang ojeg.

 

Keur uplek kitu, teu punten teu naon jol clak weh aya inin inin numpak na boncengan Kang Usep.

“Ciiik Jang, anteurkeun Nini ka Cihanjuang…” Cenah bari nyusur-nyusur sisig (eh, naha ayeuna usum keneh teu nya nyisig? Hehheee…)

“Euh, ke heula anan Ni, ojegna ngantri didieu mah. Nini kuduna naek ti lebah ditu!” Kang Usep jiga nu rada teu ridho ditaekkan ku Inin-inin teh.

“Ah embung Nini mah hayang make nu iyeu wae. Hayu buru atuh Jang, aya ku kaleked teuing nya!” Si Nini embung ingkah.

“Yeeeeh ari Nini, lain kaleked kuring mah, ngan ngajenan kanu peraturan…” Kang Usep rada keuheul.

“Geus, keun wae ari hayangna jeung maneh mah Sep! Kuring ridho dunya akherat hehehee!” Cek Si Sarip nu kuduna meunang giliran muatan.

“Tuhhh Si Ujang itu na ge ridho! Geus buru ah, ulah kaleked. Bisi rejekina dipacok hayam!” Si Nini asa meunang angin.

 

Kang Usep ngahirupan motorna bari rada gugulunu. Biwirna jamotrot bimoli (biwir monyong lima senti hehe…).

“Kamana tadi Ni?” Kang Usep nanya rada teugeug.

“Ka Cihanjuaaaangggg…! Yeeehhh sugan torek budak teh!” Si Nini pikasebeleun bari nyowel pipi Kang Usep.

“Ishhh! Si Nini jeung bari cuwal cowel! Teu meunang, bisi pacampur getih!” Kang Usep kekepes. Batur ngojegna bati nyakakak nempokeun polah si Nini jeung Kang Usep.

 

Kocapkeun maranehanana bral miang ka Cihanjuang. Lumayan rada jauh ti Alun-alun mah, jadi motor digas rada tarik. Karek sababaraha ratus meter, kadenge sora nu teu ilahar.

“Kepek! Kepek! Kepek! Kepek! Kepek!”

Kang Usep rada melang, tuluy reug ngeureunkeun motorna.

“Aya naon Jang? Ning eureun can ge nepi!” Si Nini heraneun.

“Ke Ni, aya nu aneh. Bisi cilaka, kuring pariksa motor heula!” Cek Kang Usep.

Kang Usep ngaroris motorna ti hareup katukang, nguriling, tapi teu mendakan naon nu aneh. Kang Usep gogodeg bari kerung.

“Euweuh nu aneh… Hayu ah Ni, naek deui!” Kang Usep ngalacat deui unggah kana motorna.

“Euh! Alesan we iyeu mah nya? Meh rada lila duaan jeung Nini! Heuheueheuheuuuuuyyy deudeuuuhhh…!” Si Nini ngehkey pikasebeleun bari ngebug tonggong Kang Usep.

“Yehhh aya ku model nya, iyeu Nini-Nini hiji!” Kang Usep enek.

 

Motor dihirupan deui, berengbeng dilumpatkeun sakalumpat lampet hayang buru-buru nepi. Tapi sora kawas tadi kadenge deui.

“Kepek! Kepek! Kepek! Kepek! Kepek!”

Kang Usep teu purun ngeureunkeun motorna, da hayang buru-buru nepi. Luak-lieuk ka handap kana ban sugan katingali naon nu masalah. Angger teu katingali. Beuki tarik motor digas, beuki tarik oge sora aneh tea teh. Kang Usep bingung.

 

Tapi barang ret panonna kana spion, ari barakatak teh manehna seuri nepi ka motorna ngagibeg ngepot.

 

Hayang nyaho eta teh sora naon????

Sora biwir jeding si Nini nu geus peyot katebak angin berkibar-kibar! Hahahhaaaaa! Teu lucu nya? Bae lah… Da maksa :p

Beus Full Dedeth!

Tuesday, March 18th, 2008

Rabu, 24 Januari 2007

Poe iyeu naek beus mani istuning pisan… FULL DEDET!! Dencis mah eleh we lah! Hihihi… Tapi untungna meneran kenekna tangginas, bur-ber kahareup ka tukang neang jalan sangkan eta beus laluasa ngarayap di jalan (bener ngarayap! da muaceeeeeeeeeetttt pisan). Dasarna dipaparinan ku Nu Kawasa boga tampang innocent, dina beus nu sakitu dedetna, aya wae nu haat mere tempat hahahaha… Dan duduklah diriku dengan aman sentausa… :D

Sapanjang jalan si kenek ribut pahibut ngatur sewa jeung jajalaneun beus. “Miring mBak, miring Pak, ayo masuk lagi! masuk lagi!, masih kosong! masih kosong!” cenah bari nyurung2 sewa. Nempo sewa sakitu dedetna, disurung2 sangkan bisa leuwih dedet! Kurang ajar, sapi ge noker mun dikitukeun mah komo jelema! Nya ngarambek atuh, ngan teu warani ngomong, ukur camberetut daragang tutut :p

Teu sirikna unggal halteu ngasupkeun sewa! Nepi ka dedet na panto ampir mudal, untung sim aing (wups punten ah hehe… esmosi yeuh) diuk di deukeut panto, jadina bisa jadi sukarelawan metotan teteh2 jeung ibu2 nu keukeuh peuteukeuh (kade salah nya, lain keukeuh sumeukeuh! Nu bener mah KEUKEUH PEUTEUKEUH!! Bejaan tah ka nu sok harayang ngomong sunda bari jeung teu nyaho undak usukna asal ngeunaheun sorangan wae! Ngarusak pisan!) harayang naek bari jeung hararese oge. “Pegangan tangan saya aja ngga apa2 mBak…” ceuk sim aing asa jadi pahlawan hahahha…

Teu cukup ku kitu, unggal ngarasa jalan beusna kahalangan, si kenek langsung bertindak. Lumpat kahareup geus kawas polantas pisan. Trus, menta jalan ka beus nu lian sangkan mere jalan! Anehna, teuing ngomongna kumaha, beus2 nu lian marere jalan! Hebring euyy!!!! Salut lah! Two thumbs up!! Teu disangka2, si kenek the ningan urang sunda oge! Soalna pas di cabang jalan cawang atas si kenek teh ngomong kieu… “Kiri Bang, potong aja! Kosong! Bebeskeun we bebeskeun!” cenah. Ngadenge kitu, na jero hate kuring ngupat… “Bebeskeun we beungeut sia!” (wuaaahahahahaa…. Punten deui ahhh… leuwih esmosi!)…

Akhirna, sanggeus sajam di jalan, nepi oge ka Mampang. Na hate mikir… wahhhh sigana bakal jeblog yeuh, aya galian busway didaerah eta, da kamari hujan teu anggeus2 nepi ka peuting. Amit-amit taneuh beureum!!! Kawas geus ti sawah jeblogna!! Ngerakeun!! Padahal kantorna di gedung make karpet! Bisa2 dicarekan OB hese makumna hehehe… Ahhh… untung deui… si supir nurunkeunana saencan naek jembatan layang… Boa-boa ngadengeeun sim aing ngupat na hate nya??? :p

Alhamdulillah, dugi kalayan salamet… ok that’s all folks!

PS : Yang engga ngerti, bisa hubungi 911 hehehe…

Pelantikan IPSI Galur Rasa

Tuesday, March 18th, 2008

Hihihhi… can nanaon geus hayang seuri iyeu teh kumaha… Ehm, kieu caritana yeuh batur. Kuring teh lumayan resep kana ngulik elmu olah kanuragan. Jaman SMP kuring ngiluan Karate, jaman SMA ngiluan IPSI, kuliah ngilu Taekwondo katempo pisan nyak rayunganana hahaha… Kulantaran kitu, jadina euweuh hiji oge nu nepi ka sabuk luhur. Paling ukur nepi ka sabuk hejo hehehe… Tapi teu nanaon da niatna oge ngan ukur sangkan rada gerak teu lembon teuing. Cacakan pangawakan awewe, tapi cenah ceuk batur mah kuring teh kawas Mantili mun keur mapakkeun jurus2 teh hahahhaa… (katempo kolotna nya, taun sabaraha tah carita Brama Kumbara :p)

Nu rek dicaritakeun ayeuna teh pas jaman SMA, pangalaman keur dilantik jadi anggota paguron silat. Harita teh kabeneran pelantikanana diayakeun di Gunung Tua, Subang. Ngaranna di gunung, neang cai teh lumayan hese. Kudu aprak-aprakkan ka pancuran nu ayana di handeuleum sieum kekekkekkkk… Nya maklum weee da urang dayeuh kuring mah , teu biasa leumpang na taneuh beureum, jaba mudun, becek deuih da barudak barulak-baralik wae ka cai. Gampang pisan tiseureuleu! Meus meus ngarawel taktak baturan meus meus ngarawel leungeunna meus meus ngarawel buukna da sieun ragrag hahaha… Baturan kuring nu sarua ti dayeuh baketut ngocomang panjang pondok, ambek dijadikeun puntangan, padahal manehna oge keur bajoang sakuat tanaga sangkan teu labuh hahahha… katambah acan aya listrik, wahhh pokona mah penderitaan tiada akhir we lah hihi… (didramatisir saeutik).

Biasana, mun pelantikan dimana2 ge sok aya wae ngaprak peutingna. Tahhh kuring ge sarua. Sakabeh nu ngilu pelantikan dijieun sababaraha kelompok nu anggotana 6 nepi ka 8 urangan. Tiap kelompok dibere lilin hurung hiji jang bekel lunta nyusur2 jalan nu geus ditangtukeun ku lanceuk2 sapaguron. Edunna teh teu meunang mawa korek! Cenah mah sangkan katingali mana nu bisa nyepeng amanah mana nu henteu… (kumaha maneh we lah cek kuring na jero hate nu penting mah kuring lulus hehehe… Ngan na jero hate da betus langsung mah hemir oge, hayang di arah meureunan sapeupeuting di”gawe”an???? kekekkekk). Oh enya, ditambahan deui peupeujeuh, mun aya nanaon, kasasar atawa mendakan nu aneh titah ngagorowok wae “Ge-eR! Ge-eR!” maksudna mah pondokna tina Galur Rasa, lain Gede Rumasa :p

Kelompok ka hiji geus bral miang kalayan aman sentausa, nyaaa sahenteuna nepi ka pos hiji lah. Selang lima menit, kelompok kadua ge bral miang teu loba carita… Pas anu katilu, karek oge sabaraha meter kahareup, pet! lilinna pareum!!! Atuhhhh kacipta mongklengna, da di tempat start oge geus teu katingali belegbeg-belegbegna acan. Keur mah bajuna hideung, katurug2 poek… Halahhh kabayang… “Alah siah, itu kumaha?” cek kuring, kabeneran kadengeeun ku lanceuk sapaguron. “Ahhh keun we, da aya pos deukueut dinya”, cenah nembalan. Kuring ukur pateuteup2 jeung batur sejen.

Teu sabaraha lila, jol aya sora gudubrag gadabrug diembohan ku sora embe pating erele ti lebah kelompok tilu tadi poekeun lilin… Nu araya di tempat start patingcuringhak, narangtung harayang nyaho naon nu geus kajadian. Si lanceuk sapaguron nu tadi nembal kuring berengbeng lumpat ka tempat kajadian. Rada lila lumayan karek balik deui, bari cakakak cikikik sorangan. Nya ditaranya ku lanceuk sapaguron nu lian da panasaran harayang nyaho. Kuring jeung babaturan yunior mah teu wani nanya, ngan masang cepil da sarua panasaranana hehehe… Bari masih keneh seuri si Akang teh ngomong kieu, “eta, barudak nu tadi… hahahah! Pan poekkeun, teu bisa ningali curuk2 acan! Kalah hayuh nyuksruk ka kandang embe! hahahahhah! Nya puguh rame, embena pating erele, lain mah geura marangkat ti dinya kalah ngadon darongko bari gogorowokan Ge-eR! Ge-eR! Hahahahhahaaaaaa…. Belegug!”

Kuring jeung babaturan yunior harita mah ngan bati nyengir koneng, da ari kudu sarua nyeungseurikeun mah asa teu wasa sieun katulah…. Tapi mun ayeuna mah inget deui, wuahahahahahhhhh……. Ngilu ahhhh seuri nepi ka nyeri kulit beuteung…. Hahahahhaaaa…! Cik, saha nu rumasa nyuksruk ka kandang embe, ngacung!!!!!! Hahahhahahaaaaa….!!!